All The Best People are Crazy!!

Friday 28 September 2012

Carpon Sajak Keur Bapa


Kengeng : Diny Sy.S

               Poe harita panasna meuni ngabentrang. Panon poe asa aya diluhureun sirah kuring. Kesang ngucur ngajibrugan awak sanajan bieu karek kaluar ti jamban. Kuring leumpang babarengan jeung babaturan kuring, Neli jeung Sarah rek baralik. Kuring teh sakola di salah sahiji SMA di Cianjur kelas 3.
            ” Eva, saurna ceunah Kang Agus bogoheun ka Sarah. Leres teu eta teh?” saur Neli ka kuring bari noelan Sarah.
            ” Ih, henteu ih. Naon ah Neli mah sok kitu. Geuleuh da.”saur Sarah.
            ” Geuleuh nyah? Naha raray Sarah janten beureum?”saur kuring bari terus ngoconan Sarah.
            Geus kitu kuring nyampeurkeun lalaki nu geus nungguan kuring tatadi.
            ” Eh, Kang Budi.”saur kuring.
            ” Saha eta, Eva?”saur Neli.
            ” Ah, Neli tong sok cumentil. Ari tos gaduh kabogoh mah tong sok hoyong nyareuh.”saur Sarah.
            Kuring buru-buru naek motor dibonceng ku kang Budi.
            ” Puntennya, bade uih tipayun.”
            Geus kitu, kuring ninggali katukang. Neli bangunna bogoh ka kang Budi. Pantes loba nu bogoheun ge, da si akang mah keur mah kasep bageur deuih. Tapi ah, alim teuing lamun kuring kudu masihkeun kang Budi ka Neli. Kang Budi teh kapi lanceuk kuring. Ti leuleutik kuring cicing di uwa, bapana kang Budi. Pun ibu teh tos pupus ti kuring nuju alit, ari bapa mah saur na teh pupus tabrakan pas bapa bade damel ka Tasik. Nepika ayeuna ge kuring can pernah apal raray bapa atanapi ibu. Ngan da kulawargi Uwa Jaka ge bageur ka kuring jiga ka anakna sorangan.
            ” Eva, gugah enggal. Tos dugi yeuh. Eva...” saur kang Budi.
            ” Eh, naha, teu karaos nya kang”saur kuring bari asup ka imah.
            ” Assalamu’alaikum.” saur kuring bari nyalaman si uwa.
            ” Wa’alaikumsalam.”saur si uwa Siti.
            Kuring buru-buru asup ka jero kamar. Geus kitu ngagentos acuk. Kuring ngagubragkeun awak kana kasur. Asa ngeunaheun tadi teh kulem. Aya niat bade diteraskeun yeuh bobona. Karek mah sakerejep aya nu nelepon.
            ” Assalamu’alaikum, Eva urang ameng yuk? Engkin sonten urang ameng ka pasar malem, bari urang balanja. Sarah ge bade ngiring da.”saur Neli.
            ” Nya muhun, mangga.”saur kuring bari nutup telepon.
            Ah aya-aya wae. Wioslah sakalian refreshing bade ujian. Geus kitu kuring ibak jeung pamit ka si uwa. Geuwat kuring ka pasar malem. Katinggal ti kajauhan Neli jeung Sarah keur naragog nungguan kuring.
            ” Emh, kamana wae atuh ceu?”saur Neli.
            Kuring ukur seuri. Geus kitu kuring, Neli jeung Sarah ninggalian baju, sapatu, atawa alat make-up di jongko-jongko nu aya di pasar malem. Teu karaos tos magrib deui, urang tiluan langsung solat di musola. Geus kitu samemeh uih urang tiluan nyimpang heula di salon.
            ” Tah, ayeuna urang ngaraosan heula di creambath. Ngarah mantap.”
            Ari pas kitu anu ngrimbath na teh geuningan bencong. Kuring saleuseurian jeung barudak. Keur di creambath teh aya hiji bencong ninggalikeun kuring wae. Kuring risih tapi da asa-asa ka manehna teh. Tapi sahanya?? Nepi ka beres ge eta bencong terus nempo ka kuring. Asa sararieun.
            Naha sapeupeuting kuring teu bisa sare inget keneh ka jelema eta.
            ” Gusti... kunaon ieu teh? Saha atuh lalaki etateh? Naha kokolebatan wae?”
            Kuring teu bisa sare, tapi geuningan teu karasa kuring kasarean. Kuring hudang pas jam 5 subuh ku kang Budi nu ngagugahkeun.
            ” Kulan kang?”
            ” Ih ieu mah parawan teh kebluk. Isin atuh ku hayam.”
            ” Atuh kang pan ieu teh dinten minggu, sareng kuring teh nuju aya halangan.”
            ” Euh, pantes we ieu mah. Oh nya Eva, si uwa tadi angkat ka Bogor, janten engkin siang Eva sareng kang Budi ngaberesan buminya.”
            ” Muhun kang. Mangga, ayeuna kuring hoyong kulem deui. He...”
            ” Amit parawan teh kebluk.”
            Sorot panon poe asup ka kamar tina engang jandela. Kuring hudang bari lulungu keneh. Ka kuping sora katel nu keur ngagoreng. Kuring ninggal kana jam. Euleuh jam 7 geuningan.
            ” Wilujeng enjing kang. Aduh, nuju masak yeuh.”
            ” Wilujeng enjing, nya da parawanna teu gugah-gugah wae. Suganteh pupus.”
            ” Ikh, geuleuh. Meunikat kitu.”
            Kang budi nyampeurkeun kuring nu diuk dina meja makan. Kang Budi nyodorkeun piring ka kuring.
            ” Tah urang sasarap heula.”
            ” Emh... enak oge. Kang Budi teh geuningan pinter masak. Suganteh teu tiasa.”
            ” Ih, pan ari ngakost mah kedah sagala tiasa.”
            ” Oh, cape meureunan nya kang kuliah di Bandung teh, tebih ti si uwa.”
            ” Ah, ari tos biasa mah teu janten masalah. Eva, akang engkin bade reunian sareng rerencangan nuju SMA janten, engkin Eva anu beberes nya. Da bageur.”
            ” Oh, nya muhun kang. Siip pokona mah.”
            Geus kitu kuring mandi. Kang budi pamit ka kuring.
            ” Kade nya di bumina. Ati-ati.”
            ” Siip...”
            Kuring langsung beberes. Mulai ti kamar kuring, kamar kang Budi, dapur, tengah imah, ruang tamu, jeung kamar si uwa. Kuring ngaberesan buku anu aya di kamar si uwa. Teu kahaja murag hiji buku. Album poto. Kuring teh panasaran. Pas dibuka aya poto awewe jeung lalaki nu keur nikah.
            ” Saha nya ieu teh?”saur kuring.
            Kuring nilikan ieu poto. Nempo deui poto nu lian.
            ” Naha, lalaki jeung awewe tadi teh di poto jeung kuring?”
Pas nempo katukangna aya tulisan Dedi, Ati jeung Eva.
            ” Ieu teh pan ngaran indung bapa kuring...”
            Kuring ngjenghok nempo eta lalaki jeung awewe nu puguhan mah eta teh bapa jeung indung kuring. Karek ayeuna kuring apal eta raray  indung jeung bapa. Kuring buru-buru mesakkan eta poto.
            Poe isukna kuring ka sakola. Di kelas ayeuna keur pelajaran basa sunda.
            ” Barudak, engke di bumi ngadamel sajak tah temana urang tangtukeun. Ti absen Abdul nepika Harun ngenaan kolot urang, ti absen Hindun nepika Nuriah ngeunaan alam, ti Oki nepika Zenal ngeunaan bencana.” saur Bu Rita.
            Deg hate kuring. Kuring kudu nulis sajak ngeunaan bapa. Tapi, kuring ge can pernah paamprok jeung manehna, ninggali rarayna ge nembe kamari. Kuring mulang ka imah. Langsung kuring asup ka jero kamar. Kuring ngajaran nulis tapi teu bisa wae. Kuring ngorejat hudang pas kang Budi ngetrokan panto kamar. Kuring buru-buru kaluar manggihan kang Budi.
            ” Aya naon kang?”
            ” Eva, ari salon nu sae dimana nya?”
            ” Aya di caket pasar malem. Bade dianteur?”
            ” Muhun engkin sore nya. Sok atuh mangga lajeungkeun damelna.”saur kang Budi bari ngaleos tapi kuring kaburu nyekelan leungeunna.
            ” Kang...”
            ” Kulan?” saur kang Budi bari panasaran.
            Kuring ngabetot kang Budi ka kamar. Kuring muka buku catetan jeung ninggalikeun poto nu kamari kuring panggihan ti kamarna si uwa.
            ” Akang, Eva hoyong naros. Akang teh tujuh taun langkung ageung ti Eva. Eva hoyong naros. Ieu teh saha kang?”
            Kang Budi ukur tungkul. Kuring nungguan jawaban kang Budi sababaraha menit.
            ” Kang, naha teu nyarios?”
            ” Ieu teh poto indung jeung bapa Eva.”
            ” Naha atuh salami ieu uwa jeung akang teu nyarios-nyarios jiga nu nutupan?”
            ” Da kanggo naon atuh Eva dicarioskeun oge da tos benten alam. Ayeunamah Eva diajar sing leres ngarah indung bapa Eva bangga gaduh putra jiga Eva.” saur kang Budi bari ngaleos.
            Pas sonten kuring nganteur kang Budi ka salon nu kamari.
            ” Kang, Eva bade ka jamban heulanya.”
            Geus beres kuring diuk dina korsi hareupeun wc bari nyirop. Teu kungsi lila kuring nempoan poto indung bapa kuring. Nalangsa hate teh. kuring ninggali ka kenca jeung katuhu.
            ” Hah?”
            Kuring reuwas nempo lalaki gemulai kamari jiga bapa.
            ” Naha... jiga geuningan. Pantesan kuring teh asa-asa kana lalaki na poto teh.”
            Kuring disampeurkeun eta lalaki.
            ” Nyalira wae neng.”
            ” Muhun kang.”
            ” Wios atuh ku akang di baturan”saur manehna bari logat bencong.”
            Kuring ngawangkong loba jeung manehna. Kuring karek apal lamun manehanana teh ditinggalkeun ku pamajikanna keur manehna bangkrut. Manehna teh trauma ka awewe jadi weh manehna ayeuna kitu. Ceuk manehna kuring teh mirip pamajikanna.
            ” Oh enya kang titadi teu acan kenalan.”
            ” Wasta abdi Dea. Tapi aslina mah Dedi.”
            Kuring ngajenghok apal ngaranna. Piraku eta bapa kuring??? Ceunah mah bapa kuring teh geus maot? Tapi ngaranna jeung rupana sarua. Kuring teu sanggup nyebutkeun ngaran kuring. Kuring lumpat nyampeurkeun kang Budi. Kuring ge di udag ku eta lalaki. Eta lalaki teh paamprok jeung kang Budi. Kang Budi jiga nu reuwas jeung langsung ngajak kuring balik.
            ” Kang naha eta lalaki jiga pisan bapa? Sanes bapa kuring teh tos pupus?”
            Saban poe kuring nanya kitu ka kang Budi. Saban kuring nanya kang Budi teu ngajawab. Poe harita aya tamu ka imah. Tapi kuring teu apal eta saha da puguhan mah kuring teu meunang kaluar. Teuing pedah naon kuring make ulah kaluar. Kuring noong tina panto. Katinggal lalaki nu di salon tea keur ngobrol jeung si uwa. Puguh ge kuring panasaran, kuring kaluar ti kamar.
            ” Eva, budak kuring...”ceuk eta lalaki.
            Kuring culang-cileung. Si uwa parasea jeung eta lalaki. Kuring ukur bisa cicing. Kuring teu ngarti perkara ieu. Lalaki eta teh di usir ku si uwa. Kuring nempo tina panonna ngucur cimata. Geus kitu kuring teh apal lalaki gemulai eta teh geuningan bapa kuring. Indung kuring teh ninggalkeun bapa da bapa kuring teh bangkrut ku kalakuanna nu sok judi jeung selingkuh jeung lalaki deui. Bapa teh kantos menta hampura ka indung kuring, tapi indung kuring kaburu di panggil kunu Mahakawasa.
            ” Bapa...”kuring ceurik jeung lumpat kaluar nyusul bapa tapi teu kapanggih eta bapa teh.
            ” Gusti... kuring nyunkeun ka Anjeun nu Mahawelas. Kuring hoyong papendak deui jeung bapa...” saur kuring dina du’a kuring.
            Isukanna geus balik sakola kuring langsung ka salon deui hayang papanggih jeung bapa. Tapi.... nyeuri hate kuring... bapa teh tos ngantunkeun wengi. Ceunahmah bapa teh tos lami katarajang panyakit AIDS da bonganna sok gunta-genti pasangan. Kuring ceurik di makamna bapa. Bapa...
            ” Bapa... Bapa... naha bapa ninggalkeun Eva? Eva teh nembe papendak sareng bapa. Tapi naha urang kedah paturay deui. Bapa...Eva doakeun bapa tiasa papendak sareng mamah di surga. Mamah pasti ngahampura kalepatan bapa. Bapa....”
            Lir ibarat guludug nu ngabentar. Nyeuri hate kuring ngupingna ge. Deudeuh bapa... naha kaayaanna kieu? Naha? Bapa, tong melang pak...didieu aya kuring nu welas ka bapa. Nepi ka iraha ge sanajan batur teu resep ka bapa tapi kuring tetep asih ka bapa.
            Kuring tampil macakeun tugas sajak sunda. Teu karasa cai panon murag kana pipi. Kuring inget ka bapa nu nembe di tepangan. Eleuh bapa...
Deudeuh bapa...
Manuk dadali keur nyaranyi
Tapi naha kuring teu ngadenge
Deudeuh bapa...
Panon poe na luhureun sirah
Tapi naha kuring katirisan
Deudeuh bapa...
Paturay ieu lagu paturay
Diiringan ku sora biola
Deudeuh bapa...
Hariwang leang-leang
Inget welas kuring ka bapa

No comments:

Post a Comment

Ads Inside Post