All The Best People are Crazy!!

Friday 28 September 2012

Carpon Biruna Langit


Kengeng : Diny Syarifah Sany


Clak... clak...clak...
Cai ngeclak tina suhunan.
” Lis... Lis... hayu urang sasarap.”ceuk kuring ngageroan anak kuring.
Lisna datang jeung budak teh geus siap-siap ka sakola.
” Euleuh, meuni geulis budak mamah teh. Hayu urang sasarap, ngarah kiat.”
Geus sasarap kuring jeung Lisna kaluar ti imah indit ka tempat nu di tuju. Lisna teh sakola kelas X SMA. Kaayaan hirup kuring mah saaya-aya. Kuring teh gawe jadi palayan toko manisan. Pas-pasan oge nu penting bisa nyambungkeun hirup. Salaki kuring geus 13 taun teu balik-balik. Ceunah mah si akang teh damel di Batak tapi teu kanyahoan nepi ka ayeuna dimana. Tapi ceunah ceuk babaturanna mah si akang teh tos pupus. Ihlas kuring mah kang. Nepi ka ayeuna oge kuring mah teu kawin deui kusabab kang Marna teh hiji-hijina lalaki nu aya dina hate kuring. Moal aya nu bisa ngagantikeun.
Sabenerna, baheula teh kuring beunghar, sawah dimana-mana, tapi kusabab perusahaan akang bangkrut jeung hutangna loba, kabeh dijualan nepi ka kaayaanna kieu.
Poe harita toko teh tiiseun. Jeung ayeuna teh toko keur di rehab jadi kuring balik rada beurang. Kuring nempo ka langit.
” Kang... biruna langgit eta sabiru sono kuring ka akang. Deudeuh, emut kuring mah kang, akang teh kapunkur ngajakan kuring ka lapang bari ninggali langit. Endah teh kang....”
Bleg...
Teu puguh eta rarasaan, tapi kuring masih ninggali eta langit menikat biru jeung kuring ninggali kumaha eta mobil nabrak kuring jeung ngageleng suku kuring. Lep... lep... naha langit jadi koneng....
Opat poe kuring di rumah sakit. Deudeuh anaking... anting hiji-hijina harta banda nu dipikaboga Lisna kudu di jual gara-gara kuring. Jeung nu kuring dipikasedih, kuring teu bisa leumpang deui.... kumaha atuh keur dahar Lisna? Kumaha sakolana? Kumaha kahirupanna? Kuring terus nanya dina hate bari ceurik terus.
Sabulan leuwih tina kajadian eta, hutang diwarung geus numpuk, Lisna can bayaran sakola nepika di kaluarkeun ti sakola. Hiji poe Lisna nyampeurkeun kuring bari ceurik.
” Mah, Lisna alim ninggali mamah nangis wae. Mah, hirup urang kudu diobah. Tong kieu wae. Mah, Lisna nyungkeun pidu’a mamah kanggo damel janten pembantu di Jakarta. Mamah tong melang, da sareng Ceu Atik ieuh. Engkin unggal sasih Lisna ngirim acis sareng serat ka mamah.”
Kuring ngulahkeun. Tapi manehanana terus maksa. Kuring teu ihlas, tapi kudu kumaha deui. Kuring nangkeup Lisna bari ceurik. Pas poe kaberangkatan Lisna ka Jakarta kuring ceurik asa teu ihlas hate teh.
” Lisna, hampura mamah. Mamah teu tiasa janten kolot nu sok nyumponan kahoyong Lisna, mamah teu tiasa ngabagjakeun Lisna. Mamah kalakah ngariweuhkeun Lisna.”
” Mah.. Lisna nu kudu nyungkeun hampura ka mamah. Lisna kalakah ngantunkeun mamah di dieu. Mah, Lisna pasti sono ka mamah. Mamah jaga dirinya. Tong ngadamel Lisna melang di Jakarta.”
Kuring tatangkeupan jeung Lisna. Deudeuh anaking...
Geus sabulan Lisna di Jakarta. Poe harita kuring di bere surat ti pak pos. Eta teh surat ti Lisna. Kieu isina.
” Mah.. Kumaha damang? Mah, mamah tong melangnya ka Lisna. Alhamdulillah geuningan dunungan Lisna teh bageur pisan. Sok masihan acuk ka Lisna, Lisna teh menikat di ogo. Mah, ieu ku Lisna di kiriman acis. Angge nya mah. Sasih payun ku Lisna transfer deui acisna.”
Kuring ceurik. Clak.. clak... clak... ci panon nyurucud. Inget kumaha kaayaan bareto. Bareto kuring ge jadi pembantu di Jakarta. Kang Marna teh budakna dunungan kuring. Meunikat bageur teh dunungan na teh nepi ka kuring kawinna jeung Kang Marna. Lima taun kuring kawin kuring geus boga budak. Harita teh keur peuting imah kuring kadurukan. Budak, mitoha jeung harta banda kuring teu bisa kasalametkeun iwal ti kuring jeung kang Marna.
Geus kita kuring ge meunang musibah deui. Kang Marna ka tipu. Perusahaanna ngahutang dimana-mana nepi ka bangkrutna. Harta nu nyesa ge milu ledis da sarua di jualan. Sataun saenggeus eta, kang Marna ka Batak. Milu di gawe jeung babaturanna. Pas harita kuring ge keur ngandung Lisna.
Eta nu ngarannan takdir teu bisa di kukumaha. Kuring nalangsa tapi kuring ge teu bisa kukumaha. Tapi ayeuna kuring teu pati melang. Lisna di Jakarta teu susah. Nu penting manehna bagja diditu ge.
Geus ampir genep bulan Lisna di Jakarta. Ceunah mah ayeuna manehna rek balik ka dieu. Kuring nungguan manehna ti isuk mula. Barang sore nu datang lain Lisna tapi Ceu Atik.
” Ceu, kamana Lisna?” ceuk kuring bimbang.
” Ceu... Lisna..”ceuk ceu Atik sabari ceurik.
” Kunaon ceu?”
” Lisna tos pupus.”
Bleg hate teh... curucud ci panon ngeclakan kana pipi.
” Ceu, eceu tong heureut..” ceuk kuring.
Ceu Atik nyaritakeun kumaha carita na.
Lisna teh jadi anak emas diditu teh. Dununganna teh bageur pisan ka manehna. Tapi, kitu oge aya kahayangna. Lisna teh di perkosa ku dunungan lalakina sababaraha kali. Poe kamari Lisna ngomong ka dunungan awewe na. Ari pas kitu dununganna parasea. Geus kitu pedah dendam meureun jadi dunungan lalakina ngabunuh Lisna. Pembunuhan eta ka pergok ku mitoha na.
Bleg... leuleus hate kuring teh. Gusti, kunaon ieu teh? Naha sagala nu di pikaboga ku kuring kudu di candak??? Kuring ceurik terus.
Isukna kuring jeung ceu atik ka jakarta. Geus nepi ka rumah sakit kuring nempo eta awak anu di tutupan ku lawon bodas. Ku kuring di buka eta lawon teh. Leuleus ieu hate kuring ninggali eta budak kuring anu ku kuring di urus ti orok nepi k ayeuna geus teu walakaya. Geus euweuh di dunya ieu. Eta jasadna ku kuring di bawa ka lembur. Sanggeus di kurebkeun kuring datang ka jakarta deui. Da ceunah mah poe ayeuna sidang pembunuhan Lisna.
” Ceu, tuh nu ngabunuhna.”
Kuring nempo ka jelema eta. Ngan teu katinggali rarayna. Manehna di hukum lima belas taun bari ceunah mah manehna rek di cerai ku pamajikanna da bongan manehna mah numpang hirup di pamajikanna.
Kuring ngadeukeutan eta lalaki. Bleg ieu hate. Nyeri pisan...
” Akang, jadi akang anu ngabunuh Lisna? Akang... lisna teh budak urang kang... akang tega!!! 13 belas taun akang masihan kanyeuri ieu ka kuring.. ayeuna akang masihan nu leuwih nyeuri deui ka kuring. Akang tega... naon atuh salah kuring kang...”
Manehna cicing. Curucud ci panonna. Manehna ngarasa hanjakal.
Kang, hanjakal akang teu bisa ngubaran hate kuring. Jauh-jauh ti kuring. Kuring embung nempo akang deui. Tong datang deui ka kahirupan kuring. Geus cukup kanyeuri nu di tabur ku akang. Nepi iraha oge nyeuri ieu bakal jadi saksi kahirupan kuring.



                                                                                                   

No comments:

Post a Comment

Ads Inside Post